Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Basa Kabeungharan Bangsa

Basa Kabeungharan Bangsa

Ceuk béja mah basa Sunda téh geus langka sabab geus jarang dipaké deui, boh dina kahirupan sapopoe boh dina pamarentahan. Komo ku barudak ngora jeung urang kota mah. Malahan mah kaancam punah. Aya benerna, tapi urang teu kudu hariwang sabab basa Sunda moal punah. Pan di sababaraha daérah mah basa Sunda téh diajarkeun di sakola-sakola, ti mimiti sakola dasar tepi ka sakola lanjutan.

Hanjakal masarakat kalakah mindeng nyaritakeun kabeungharan dina widang séjén, ari basa siga nu teu pati diperhatikeun. Naha ieu téh pédah basa mah unggal poé dipaké tepi ka teu sadar yén basa téh kaasup kabeungharan budaya kitu?

Urang Sunda dina kahirupan sapopoéna kaasup masarakat nu ngagunakan dua basa. Salian ti maké basa Sunda, urang ogé ngagunakeun basa nasional, nyaeta basa Indonesia. Nu matak kitu, tangtu wé basa Sunda bisa kaéléhkeun. Komo lamun kapangaruhan ku basa deungeun, umpamana basa Inggris.

Basa daérah boga fungsi jadi lambang kareueus daérah, lambang idéntitas daérah, alat komunikasi kulawarga jeung masarakat sabudereunana, pangrojong budaya daérah jeung basa nasional tur pangrojong sastra daerah jeung sastra Indonésia.

Di sakola-sakola, dumasar kana kurikeuleum, siswa ngalaksanakeun rupa-rupa kagiatan anu aya patalina jeung pamakéan basa Sunda. Umpamana kagiatan ngolah basa dina ngaregepkeun, nyarita, maca jeung nulis. Aya ogé kagiatan pikeun ngabeungharan wawasan sastra Sunda dina kagiatan nu sipatna apresiasi sastra jeung nyieun karangan.

Ngan, barudak sakola jaman ayeuna mah siga nu teu reueus nyarita maké basa Sunda. Komo urang kampung mah, asa reueus lamun bisa ngomong make basa Indonesia teh. Padahal basa Sunda teh bello. Masalah séjén, aya sakola nu nganggap teu penting kana pangajaran basa Sunda. Kitu deui guru basa Sunda. Loba sakola nu nugaskeun guru jang ngajar basa Sunda lain ti nu boga latar belakang pendidikan basa Sunda.

Basa téh kakayaan bangsa. Leungit basana leungit budayana jeung bangsana. Ku matak kitu basa téh sine qua non, mutlak ayana pikeun hiji bangsa. Jadi kacida perluna basa dina kahirupan, sabab basa téh kabeungharan bangsa.

Bravo, basa Sunda!


  • Tulisan: Rie Yanti, penulis novel bertemakan sastra Sunda, Satin Merah (penerbit GagasMedia)

Post a Comment for "Basa Kabeungharan Bangsa"