Ngarang téh Hésé?
Oleh Rie Yanti
Ceuk si Cenah mah ngarang téh hésé. Naon héséna? Hésé ngamimitianana, hésé nuluykeunana, hésé nganggeuskeunana. Acan hésé néangan idé da teu nyaho naon nu kudu ditulis téh.
Enya kitu?
Da si Cenah mah kieu. Arék ngamimitian ngarang, keretas geus sadia, leungeun geus nyekel pulpén, ari pék téh basa rék ngaguratkeun aksara kalakah ngahuleng. Meunang sababaraha jam teu ngahasilkeun nanaon da gawena ngan ngahuleng ungkul. Aya kutrat-kotrét sajajar, dua-tilu kecap, eureun ngahuleng. Rék ditulis deui inspirasi téh leungit. Datang pikiran anyar. Atuh nu geus ditulis téh dicorét. Kitu wé tuluy. Tungtungna mah keretas téh disoékeun, dirisek-risek, dikeupeul, dialungkeun, bala wé di kamar.
Tah, nu kieu téh matak miceun tanaga, méakeun waktu, ngahamburkeun bahan. Ieu téh masalah dina ngamimitian ngarang. Acan nuluykeun, tuluy nganggeuskeun. Tapi aya ogé nu ngamimitianana babari, lebah nuluykeun hésé. Atawa babari ngamimitian jeung nuluykeun, lebah nganggeuskeun teu nyaho kumaha nganggeuskeunana.
Anu ngarana pagawéan mah, Cenah, kudu dianggeuskeun. Ana kitu, anggeuskeun wé karangan téh. Tong sieun salah, sieun goréng, sieun batur teu resep. Keun éta mah kumaha engké. Jeung deuih, karangan téh tong waka diédit saacan anggeus mah. Omongan ogé pan tara diédit heula.
Piceun anggapan yén ngarang téh hésé. Hésé sotéh lamun urang mikir yén ngarang téh hésé. Lamun urang mikirna ngarang téh babari, nya babari wé. Bener teu?
Sok atuh, Cenah, burukeun ngarang. Subito, subito!

Post a Comment for "Ngarang téh Hésé?"
Butuh artikel-artikel semacam ini? Atau, punya ide membuat buku tetapi kurang bisa menulis? Tidak sempat? Kami bersedia membantu menuliskannya secara profesional. Kami juga menyediakan jasa editing maupun rewriting tulisan dalam bahasa Indonesia maupun Inggris.