Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Digitalisasi Buku Sunda

Aya nu bebeja, beuki dieu buku Sunda beuki hésé. Aya wedalan anyar, tapi buku-buku Sunda wedalan jaman baheula jiga wedalan Balé Pustaka mah hésé. Lamun aya ogé osok anu geus kuleuheu atawa ruksak. Tapi buku basa Sunda nu wedalan anyar ogé jarang aya di unggal toko buku. Ieu téh pédah promosina kurang atawa geus euweuh nu butuheun buku-buku Sunda? Tapi sakapeung mah osok ngadangu aya anu nanyakeun buku-buku Sunda.

Hirup huripna hiji basa aya kaitannana jeung lobana buku anu diwedalkeun. Kitu ogé jeung basa Sunda. Basa Sunda jiga geus tara dipaké deui dina paguneman sapopoé. Tapi di sababaraha tempat, pangpangna di luar kota, Basa Sunda téh masih kénéh dipaké. Malah aya sakola nu masih kénéh ngagunakeun basa Sunda jadi basa panganteur kabéh pelajaran.

Nu matak buku-buku Sunda téh kacida pereluna keur bacaeun barudak jeung masarakat. Pan buku téh loba mangpaatna. Il primo sangkan urang meunang élmu jeung pangaweruh. L'ultimo sangkan urang manggih kecap-kecap basa Sunda nu can tangtu dipake sapopoé.

Jaman ayeuna mah maca téh teu kudu tina buku citak. Pan kiwari mah aya média séjén samodél e-book. Bédana, ari buku mah médiana tina keretas, ari e-book mah mediana layar digital (komputer).

Aya hiji situs internét ngaranna Gutenberg (urang Jérman, Johann Gutenberg, anu dianggap boga jasa dina sajarah dunya lantaran geus nyiptakeun alat jang nyitak buku). Situs ieu nyadiakeun e-book, bisa di-download ku saha wé. Haratis deuih. Lamun urang hayang maca buku karya Bram Stoker anu judulna Dracula, misalna, tinggal klik, langsung bisa dibaca. Kitu deui jeung buku-buku karangan pangarang klasik séjéna.

Coba lamun urang boga situs samodél Gutenberg, dikelola ku LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra Sunda), PPSS (Paguyuban Panglawungan Sastrawan Sunda) atawa organisasi-organisasi Sunda lianna. Di situs samodél Gutenberg ieu urang nyadiakeun buku-buku Sunda, pangpangna anu langka. Jadi urang teu kudu hésé-hésé néangan buku-buku Sunda ka Palasari atawa Dewi Sartika. Tinggal ngahurungkeun komputer, klak-klik itu ieu, urang bisa langsung maca.

Ngan kitu téa. Kudu boga heula komputer jeung bisa maké internét.

Post a Comment for "Digitalisasi Buku Sunda"