Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Oh, Naskah Sunda Kuna…

Oleh Rie Yanti

Kumaha naskah Sunda kuna ayeuna? Loba anu acan kaguar. Tanto pisan. Padahal penting pisan nyaho eusi naskah Sunda kuna téh. Naskah Sunda kuna ngandung kabeungharan eusi batin urang Sunda jaman kuna. Warisan jaman kuna téa sakitu pentingna jang pieunteungeun mangsa ka hareup.


Hanjakal naskah kuna Sunda loba nu can kaguar. Alesanana mah pédah naskah Sunda kuna ditulis dina aksara Sunda kuna. Sedengkeun anu bisa maca ngan ukur hiji dua.

Kuduna mah loba nu nalungtik naskah Sunda kuna tur naskah aslina geuwat didigitalisasikeun sangkan naskah Sunda kuna téh kasalametkeun. Kapan naskah-naskah éta téh geus umuran. Bisi kaburu ancur.

Masalah lain, filolog nu neuleuman naskah Sunda teh un po', saeutik, ngan aya hiji dua, sedengkeun naskah Sunda kawilang réa, boh nu aya di PNRI (Perpustakaan Nasional Republik Indonésia), boh nu di luar negri, boh nu aya di masarakat umum.

Salah sahiji naskah nu geus ditalungtik nyaéta nu judulna Kisah Putra Rama Jeung Rawana (PRR). Naskah PRR (abad 16) ieu téh saduran tina Uttarakanda (abad 11). Naskah PRR nu kapanggih aya dua, nu hiji aya di Museum Sri Baduga, nu hiji deui aya di Kabuyutan Ciburuy. Panalungtikan ieu téh geus dilakukeun ku Noorduyn ti taun 1971. Sanggeus Noorduyn tilar dunya, panalungtikan dituluykeun ku A. Teeuw. Kakara dibukukeun dina taun 2006, pamedalna KITLV Press, judulna Three Old Sundanese Poem (Putra Rama Rawana, Sri Ajnyana jeung Bujangga Manik). Kiwari aya terjemahanana dina basa Indonésia, nyaéta Tiga Pesona Sunda Kuna wedalan Pustaka Jaya & KTLV (2009).

Naskah Sunda kuna buru-buru didokuméntasikeun dina wangun digital sangkan eusi naskah bisa kasalametkeun bisi naskah aslina ruksak. Salian ti éta kudu aya niat nu bener-bener pikeun translitérasi, narjamahkeun tur nganalisisna naskah Sunda kuna sangkan hasilna bisa dipublikasikeun ka balaréa.