Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Ngarang

Oleh Rie Yanti

Nu acan biasa ngarang atawa pangarang anyar, pasti lamun kudu ngarang téh osok hulang-huleng, “Kumaha carana ngarang? Ngarang naon? Kumaha mimitina? Kumaha lamun goréng?”

Sangkan teu lieur ku perkara ngarang, baca heula sababaraha hal ngeunaan ngarang di handap ieu.

Téori Ngarang
Biasana saméméh ngarang, pangarang anyar osok macaan buku ngeunaan téori-téori ngarang. Perleu éta ogé, tapi téori ngarang teu wajib diterapkeun lamun urang keur ngarang. Il primo, unggal pangarang pasti boga téori sorangan. L'ultimo, ngarang mah lain hal anu téoritis. Euweuh rumus jiga matématika atawa fisika jang ngarang mah. Ngarang mah ngarang wé. Lamun hayang boga téori jang cekeleun lamun keur ngarang, téorina kieu: ngarang, ngarang, ngarang, pokona mah ngarang.

Néangan Inspirasi

Ngarasa kakurangan idé atawa inspirasi? Inget, idé atawa inspirasi mah moal kurang. Lamun urang merhatikeun sakuliling urang, pasti bakal loba inspirasi. Inspirasi mah aya di mamana. Tinggal urangna kudu bisa muka haté jeung pikiran.

Inspirasi ogé bisa datang lamun urang loba maca karangan séjén. Bisa jadi urang boga persepsi lain ngeunaan idé karangan pangarang séjén, misalna. Tinggal tuliskeun wé persepsi urang kumaha. Pan teu kudu hésé néangan tah. Sekali mendayung, dua pulau terlampaui. Kitu pan ceuk paribasa mah. Jadi sakali maca, urang meunang dua hal sakaligus: pangaweruh jeung inspirasi.

Gunana Maca

Lamun hayang jadi pangarang, tangtu kudu resep maca. Kahiji, tina maca urang jadi apal cara nyusun kalimah. Ku maca, urang jadi apal tata bahasa. Kadua, nambah kabeungharan kecap. Jadi lamun urang hayang nulis ku bahasa Sunda, sing loba-loba maca buku atawa karangan Sunda sangkan kosa kata basa Sunda urang loba. Katilu, ku maca, urang jadi apal karya-karya nu hadé sangkan bisa jadi babandingan jang karangan urang.

Tong Ngagugulung Kasieun

Masarakat urang mah rata-rata loba kasieun. Kaasup pangarang. Sieun salah, sieun goréng, sieun batur teu resep, sieun mancing réaksi négatip. Nya lamun ngagugulung kasieun kitu mah iraha majuna atuh. Berpikir positip we. Tong sieun itu sieun ieu, da kasieun mah ayana saukur dina uteuk.

Tulis Wé

Masalah nu mindeng kaalaman ku pangarang anyar nyaéta anu rék ditepikeun ngan saukur nyangsang dina sirah, teu daék ngencar jadi tulisan. Bisa jadi éta téh pédah loba teuing anu rék ditulis, bingung ngamimitianana, lila teuing diteundeun dina uteuk, atawa teu sabar hayang ngédit.

Alusna mah, lamun keur hayang nulis, tulis wé naon anu hayang ditulis téh. Ulah mikiran hal-hal nu lian, komo lamun euweuh hubunganana jeung anu rék ditulis mah. Antepkeun wé sinah kaluar kabéh nepi ka béakna. Masalah éta karangan alus atawa henteu, pan bisa diédit lamun geus réngsé. Atawa urang bisa minta tulung ka batur jadi proofreader. Keun manéhna sinah ngoméntaran atawa ngritik karangan urang sangkan urang nyaho kakurangan jeung kaleuwihan karangan urang naon waé.

Kitu ngarang téh. Teu hésé pan? Sok atuh geura ngarang. Tong loba teuing mikir.

Wilujeng ngarang.

Post a Comment for "Ngarang"