Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Maca Buku-buku Sunda

Oleh Rie Yanti

Sarat mun hayang pinter, kudu loba maca buku sabab buku gudangna élmu. Saratna maca, nya bukuna kudu nyampak. Lamun euweuh bukuna, rék maca naon atuh? Kitu deui maca buku-buku Sunda. Ayeuna pamaréntah ngumumkeun yén masarakat ulah poho kana basa daérah, basa indung. Rék teu poho kumaha lamun sapopoéna masarakat ngagunakeun basa Indonesia atawa basa asing? Jeung pangpangna lamun hayang basa daérah (Sunda) tetep digunakeun, salian ti dipaké dina paguneman sapopoé, urang gé kudu maca buku-buku Sunda. Lamun buku-buku sunda euweuh, kumaha harepan pamarentah bisa kalaksanakeun?


Baheula mah buku-buku Sunda téh disadiakeun ku Balé Pustaka, disalurkeun ka sakola-sakola jang bacaeun murid jeung guruna. Ngan basa Jepang jeung Sakutu ngawasa, pamedalan surat kabar, majalah, jeung buku dilarang. Pihak swasta ogé teu daraékeun medalkeun buku-buku basa Sunda deuih. Ieu nyababkeun tradisi maca buku-buku sunda anu tadina matak reueus jadi pareum. Nu resep maca buku kapaksa eureun maca sabab euweuh bukuna. Nu can pernah maca buku-buku sunda, jadi teu kalaksanakeun kahayangna maca buku-buku Sunda. Barudak sakola ogé kitu. Paribasa ku kolotna dititah maca, ari bukuna euweuh rék maca naon?

Kiwari aya pamedal buku-buku Sunda, nyaéta Kiblat Buku Utama (KBU). Buku-buku nu diwedalkeun lain buku-buku Sunda nu anyar ungkul, tapi ogé nu wedalan jaman baheula. Jadi nu harayang maca buku-buku Sunda jaman baheula teu kudu hariwang lamun teu manggih buku-buku sunda séken di Palasari atawa Déwi sartika.

Salian ti pamedal buku jeung toko buku, mun hayang maca buku-buku sunda, urang bisa datang ka perpustakaan PSS (Pusat studi sunda), perpustakaan Doddy Tisna Amidjaja, atawa ka Rumah Baca Buku Sunda Jeung Sajabana. Kabéhannana aya di Bandung. Ngan alusna mah, di daérah-daérah ogé diayakeun pabukon atawa taman-taman bacaan nu nyayagikeun buku-buku Sunda. Perpustakaan sakola ogé kudu nyadiakeun buku-buku sunda. Ngan ieu mah pastina kudu aya campur tangan pamaréntah. Per favore nya, pamarentah, kawijakan jang ngagunakeun jeung ngalestarikeun budaya daérah téh tong saukur wacana. Tapi kudu bener-bener dilaksanakeun.

Post a Comment for "Maca Buku-buku Sunda"