Maca jeung Ngarang

Sunday, November 3, 2013

Maca jeung Ngarang


Oleh Rie Yanti

Aya nu resep maca tapi teu resep ngarang, sabalikna deuih aya nu hayang jadi pangarang tapi teu resep maca. Nu kahiji sabenerna mah teu anéh. Teu saeutik nu resep maca tapi teu resep ngarang, sabab maca téh keur maranéhna mah ukur karesep jeung hiburan. Maranéhna teu ngarasa perelu nulisken sakur nu kapanggih tina hal nu dibacana. Pikeun maranéhna mah hasil maca téh cukup diregepkeun dina hate baé.


Tapi nu hiji deui, anu hayang jadi pangarang tapi teu resep maca, ieu mah rada anéh. Da sidik salasahiji modalna jadi pangarang téh nya kudu resep maca. Cindekna, salah sahiji faktor nu ngadukung kasuksésan karir kapanulisan téh nyaéta budaya maca.

Pentingna Maca keur Ngarang

Lobana maca bakal ngahudang idé karangan. Kitu ogé cék papatah “Buku adalah gudang ilmu dan membaca adalah kuncinya”, maca téh bisa nambah pangaweruh urang. Mun teu maca, urang bakal nyaho naon? Komo deuih jang ngarang. Ngarang tapi teu maca, sarua jeung ngarahul. Ngomong kitu-kieu tapi euweuh hartina.

Maca téh sarua jeung neuleuman pangalaman batur, wawanohan jeung batur ti dunya nu jauh nu teu dihirupan ku urang, nempo hal-hal nu ku urang teu katempo, jrrd. Tong dibédakeun bacaan fiksi jeung nonfiksi. Duanana ogé sarua. Ngan umumna bacaan fiksi dianggap teu penting sabab imajinatif, atawa dianggap ngajual lamunan. Padahal mah teu kitu sabab dina fiksi ogé aya fakta. Dina novél-novél nu terbit dina jaman penjajahan, misalna, aya gambaran kahirupan masarakat waktu jaman kolonial, dicaritakeunana kalawan écés, teu diréka-réka.

Mémang, ayeuna loba karya-karya fiksi anu henteu ngeusi. Dina kasusastraan luar jeung kasusastraan Indonesia, aya bacaan chicklit jeung teenlit. Eta ogé sarua karya fiksi, tapi teu bisa disebut sastra sabab lolobana novél-novél nu kieu mah ngagunakeun basa nu teu baku.

Caritana ogé jiga ngimpi. Teu jauh béda jeung sinetron. Tapi najan kitu, novél-novél chicklit jeung teenlit téh malah payu di pasar, meureun pédah basa jeung caritana babari kaharti. Teu kudu loba mikir.

Teu masalah mun pasar resepna bacaan nu kararitu. Tapi mun bisa mah pangarang chicklit téh ningkatkeun eusi carita jeung basana, ngagunakeun basa anu merenah tur nurut kana aturan basa. Mun masarakat urang disuguhan bacaan nu kitu waé mah, atuh kumaha nagara urang?

Nu matak kitu, mun hayang jadi pangarang, kudu resep maca. Masalah bacaan, kumaha saléra jeung kabutuhan. Tapi tetep kudu dipilih bacaan nu alus, nu ngandung pangaweruh jeung bisa ngabeungharan pikiran, haté, sarta pangalaman. Kudu dipilih bacaan nu ngajadikeun urang mikir kritis tur humanis, sarta ngandung wawasan. Tapi deuih maca ogé lain hartina ngadukduk maca buku bari jeung teu merhatikeun lingkungan jeung kahirupan sapopoé. Urang ogé kudu maca lingkungan sabudeureun urang.

Lian ti éta, urang ogé kudu “maca” jalma. “Maca” jalma gunana ngarah urang wanoh kana rupa-rupa karakter jalma. Kapan jalma téh karakterna béda-béda. Cara manggihan karakterna ogé rupa-rupa. Bisa ditilik tina gaya bajuna, cara ngomongna, omonganana, gerak-gerikna, atawa karesepna. Kitu deui maca kaayaan. Kaayaan di pasar modéren (supermarket), contona, béda jeung kaayaan di pasar tradisional. Naon waé anu ngabédakeunana? Tangtuna partanyaan ieu bisa kajawab lamun urang sok merhatikeun naon waé nu aya di pasar modéren jeung pasar tradisional.

Naha Kudu Ditulis?

Sabenerna mah rék dituliskeun rék henteu, kumaha urang, ngan hadéna mah mending kénéh ditulis. Nulis téh lain wungkul sarana komunikasi, tapi deuih réa gunana.

Nulis téh lain ukur tugas akademik. Lolobana mah nulis téh keur tugas sakola. Bérés sakola, teu kudu nulis. Teu wajib maca deuih. Lamun dilakonan ogé teu dianggap darian, ukur hobi.

Di masarakat urang mah tradisi tulis téh éléh ku tradisi tutur, sabab tradisi tutur leuwih praktis. Teu kudu sadia keretas jeung alat tulis. Tradisi tutur teu kudu dileungitkeun. Rék kumaha ogé tradisi tutur téh aya mangpaatna. Sabab bisa jadi karya sastra (tulisan) dimimitian ku tradisi tutur. Di nagara séjén ogé carita-carita tulis téh mimitina tina tradisi tutur.

Di Prancis, carita Chanson de Roland mimitina dicaritakeun sacara lisan, tuluy disebarkeun bari caritana ditambahan. Tungtungna mah carita éta téh jadi panjang. Kitu deui mimitina kasusastraan Sunda nu dimimitian ku sastra lisan sabangsa pantun, dongeng, jeung sajabana.

Tapi tradisi tutur teu salilana bisa diandelkeun. Nu ngaranna carita, beuki lila bakal loba nu mopohokeun. Dina kasus ieu, tulisan boga fungsi nu penting: dokuméntasi.

Fungsi nulis nu lainna nyaéta jang teurapeutik. Fungsi ieu aya hubunganana jeung psikologi. Kapan teu kabéh jalma bisa ngalisankeun naon-naon anu aya dina pikiran atawa haténa. Jeung deuih aya hal-hal anu bisa diungkapkeun sacara lisan, aya ogé anu henteu.

Lamun urang kaasup jalma anu kurang wani ngalisankeun pikiran atawa perasaan urang, jeung sadar yén teu kabéh pamikiran jeung perasaan bisa diungkapkeun sacara lisan, ngarang bisa jadi média pilihan keur ngabantuan urang. Lamun kabéh masalah diungkeb dina pikiran jeung haté, tangtuna urang bakal kasiksa. Tah di dieu gunana nulis téh, bisa ngabantuan urang ngosongkeun jeung merenahkeun haté jeung pikiran.

Sabenerna loba kénéh fungsi nulis atawa ngarang téh. Nulis bisa jadi média éksprési, pengajaran, kréasi, jrrd. Bisa ogé jang introspéksi diri (eunteung). Kabéh fungsi tadi bisa dihijikeun. Sakali nulis, urang bisa ngadokumentasikeun kajadian nu dialaman ku urang, ngubaran diri urang sangkan beresih haté jeung pikiran, ngahudang kamampuh basa, méré luang keur nu maca bari teu nembongkeun yén urang mamatahan, nembongkeun yén urang boga dédikasi ka lingkungan sabudeureun urang, jsté.

Cindeknana, kagiatan maca jeung ngarang téh lain keur maraban pikiran ungkul, tapi ogé maraban haté, sangkan urang jadi jalma anu ngarti kahirupan manusa jeung mahluk-mahluk damelan Pangéran sanésna. Lian ti éta, maca jeung ngarang gé bisa jadi alat pikeun ngaropéa diri bari nilik kasalahan-kasalahan nu pernah dilakonan boh ku urang boh ku batur, ngahargaan hal-hal leutik nu aya di dunya, jeung bisa nyumbang sasieureun sabeunyeureun anu aya gunana ka urang jeung ka batur.



Tulisan ini dimuat di Majalah Cupumanik Edisi 71 Tahun VI No 11 Juni 2009

0 comments :

Post a Comment

Butuh artikel-artikel semacam ini? Atau, punya ide membuat buku tetapi kurang bisa menulis? Tidak sempat? Kami bersedia membantu menuliskannya secara profesional. Kami juga menyediakan jasa editing tulisan dalam bahasa Indonesia maupun Inggris.