Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Jadi Pangarang

Oleh Rie Yanti

Aya pangarang anu nulis keur dirina sorangan ungkul. Keur manéhna mah nulis téh saukur ngaluarkeun unek-unek tina haté jeung pikiranana. Teu masalah batur apal yén manéhna osok nulis atawa henteu, sabab tulisan manéhanana lain jang dipublikasikeun ka balaréa. Tapi loba ogé pangarang anu hayang karanganana dibaca ku batur. Bisa jadi lantaran manéhna hayang unjuk pangabisa. Bisa ogé lantaran manéhna hayang méré informasi atawa nyarita ka batur.


Pangarang téh sabenerna mah rupa-rupa. Aya anu ngan ahli nulis carpon, sajak, éséy, atawa novél wungkul. Aya anu kabisaan ngarangna dikomérsialkeun (pangarang komérsil), aya ogé anu ngarang pédah manéhna digawé di média massa (jadi wartawan) padahal manéhna sabenerna teu resep ngarang.

Hanjakal jadi pangarang téh di urang mah masih dianggap pagawéan pangangguran. Tamba kesel, tamba hésé néangan gawé, atuh lamun ngarang tuluy karangana dimuat di surat kabar lumayan jang modal ngirimkeun surat lamaran pagawean.

Tapi sabenerna mah ngarang téh bisa dijadikeun pakasaban. Tempo wé di nagara séjén; ngarang téh kaasup pagawéan nu bergengsi sabab pangarang bisa hirup tina kutrat-kotrét nyieun karangan. Komo lamun karangana suksés kawas Harry Potter-na J. K. Rowling mah.

Di nagara urang, ngarang ogé bisa dijadikeun pakasaban. Gumantung ka si pangarangna. Ulah eureun nulis. Komo lamun alesanana “teu mood” mah. Da sabenerna mah si mood téh teu kudu ditungguan sinah datang sorangan. Eta mah ngedul wé.

Masalah pasar ogé ulah dipopohokeun. Urang kudu ngahasilkeun karya anu alus, tapi tetep kudu merhatikeun pasar.

Sabalikna, lamun nu ngarang ukur sambilan, bisa jadi henteu mikiran soal hasil. Teu kudu rieut mikiran naha karyana teu dimuat-muat di koran atawa majalah. Masalah publikasi, bisa dina blog jiga kieu. Teu meunang honor, pasti. Ngan manéhna bisa sugema sabab karanganana dibaca ku batur.

Kitu rupa-rupa pangarang téh. Come? Kaasup nu mana?

Post a Comment for "Jadi Pangarang"