Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Miluan Saémbara Ngarang

Oleh Rie Yanti

Dina sastra Sunda, aya sababaraha saémbara ngarang nu diayakeun unggal taun, di antarana saémbara ngarang nu diayakeun ku Majalah Manglé jeung PPSS. Biasana karya nu meunang saémbara téh dibukukeun.


Sababaraha pangarang getol miluan saémbara. Malahan mah mindeng jadi jawara. Aya tilu alesan miluan saémbara. Kahiji hayang meunang hadiah, kadua hayang meunang pangajén minangka pangarang punjul, katilu ngadu pangabisa jeung pangarang séjén. Biasana, keur pangarang anyar mah miluan saémbara téh penting jeung bisa jadi pangrojong kana kagiatan ngarangna.

Saémbara ngarang téh rupa-rupa. Aya saémbara ngarang carpon, sajak, novél, drama, éséi. Sarat-sarat keikutsertaanana ogé rupa-rupa. Panitia ngarang nangtukeun umur peserta, panjang naskah, jumlah naskahna, waktu ngumpulkeunana, jsté. Alusna mah saméméh miluan éta saémbara urang pertimbangkeun heula naha urang bisa numutkeun katangtuan. Sabab sanajan karangan urang alus, mun teu ngagugu kana katangtuan mah bisa jadi moal lulus. Lamun dina katangtuan panjang karangan minimal lima kaca, sedengkeun urang ngan nyieun dua kaca, puguh wé moal meunang.

Salian ti éta, karangan téh kudu rapih deuih. Ejahan kudu diperhatikeun bisi aya kecap nu teu merenah. Intina mah bahasa karangan téh kudu ngeunaheun dibacana. Kitu ogé masalah téma karangan. Lamun témana ngeunaan kamerdékaan Indonésia, urang teu bisa nyieun karangan ngeunaan lebaran.

Karangan nu diilukeun kana saémbara engkéna dipariksa ku juri. Unggal juri tangtu boga peniléian masing-masing. Sanajan kitu, unggal juri biasana boga patokan dina meunteun karangan keur saémbara atawa kriteria, misalna basa (éjahan, gaya basa, kalimah, jrrd), téma, cara nyarita, karangan sacara kaseluruhan (basa, téma, cara nyaritakeun naha merenah atawa henteu).

Mun geus kitu, tinggal ngarang wé. Ulah poho ngadoa. Sanajan geus usaha, ngarang tujuh poé tujuh peuting nepi ka teu saré-saré, ari teu ngadoa mah can tangtu bisa suksés. Pan ceuk paribasa ogé: ora et labora.

Post a Comment for "Miluan Saémbara Ngarang"