Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Sastra Sunda jeung Pasantrén


Aya Béntang Pasantrén, Santri Gagal, Ceurik Santri, Jiad Ajengan, Dongéng Enténg ti Pasantrén, Dulag Nalaktak, Pahlawan-pahlawan ti Pasantrén, Mantri Jero, jeung teuing naon deui carita-carita nu nyaritakeun kahirupan para santri atawa kaayaan di pondok pasantrén. Tanto nya? Naha sastra Sunda téh idéntik jeung agama Islam? Naha sastrawan Sunda téh lolobana ti pasantrén? Naon hubunganana pasantrén jeung sastra Sunda?

Pasantrén téh lembaga atikan, pangpangna dina widang agama. Di tatar Sunda, pasantrén geus lila ayana. Nu mimiti mun teu salah mah dimimitian ku Sunan Gunung Jati dina kira-kira abad 15.

Lahirna pasantrén téh dampak tina prosés islamisasi. Nu matak di pasantrén lolobana diajarkeun ngeunaan Islam. Tapi santri-santri ogé diajar élmu logika, basa, jeung sastra . Tah, lebah diajar sastra, para santri diajar pupujian. Apal meureun yén pupujian téh kaasup karya sastra nyaéta puisi.

Tuluy basa jaman kolonial Walanda, asup sastra barat. Mimiti carita pondok, dituluykeun ku roman. Ti saprak aya pangaruh éta, atuh puguh wé sastra di pasantrén téh mekar. Mindengna carita-carita ngeunaan pasantrén mah ngandung lulucon.

Biasana, basa panganteur di pasantrén téh basa Sunda. Atuh, nu narulis carita ngeunaan pasantrén téh make basa Sunda dina karya tulisna. Nu matak loba buku-buku Sunda, pangpangna karya sastra Sunda, nu nyaritakeun kahirupan para santri atawa pasantrén.

Jadi pasantrén di tanah Sunda ogé boga peran pikeun ngalestarikeun basa Sunda. Salian ti digunakeun jang paguneman sapopoé, di pasantrén mah pan basa Sunda téh dipaké jang basa panganteur. Santri-santri ogé meureun pan mindeng maca buku-buku Sunda. Sahenteuna mun loba maca, pasti bakal kabita nulis. Lain dina agama Islam mah umat muslim téh kudu maca? Kumaha sangkan aya bacaeun? Nya kudu nulis.

- Tulisan: Rie Yanti

Post a Comment for "Sastra Sunda jeung Pasantrén"